Wilujeng Sumping

Delete this widget from your Dashboard and add your own words. This is just an example!

Tifunk

Bovenk

Translator

Tujuh Welas Pupuh

Selasa, 25 Januari 2011

Seni dan Budaya

Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh nu tujuh welas nya eta:

  1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
  2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
  4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
  5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  7. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
  8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
  9. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
  10. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  11. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
  12. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes hate.
  13. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
  14. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  15. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
  16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
  17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.

  1. PUPUH ASMARANDANA

    (Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi)

    PIWURUK SEPUH

    Ngariung di tengah bumi,


    pun biang sareng pun bapa,


    jisim abdi diuk mando,


    husu ngupingkeun pituah,


    piwejang ti anjeunna,


    pituduh laku rahayu,


    piwejang sangkan waluya.

  2. PUPUH BALAKBAK

    (Ngagambarkeun heureuy atawa banyol)

    DAYEUH BANDUNG

    Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,


    gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,


    tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.

  3. PUPUH DANGDANGGULA

    (Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan)

    MILANG KALA

    Dinten ieu estu bingah ati,


    ku jalaran panceg milang kala,


    kenging kurnia ti Alloh,


    rehing nambahan taun,


    tepung taun umur sim abdi,


    henteu weleh neneda,


    ka Gusti Nu Agung,


    malar umur teh mangpaat,


    tebih bahla turta pinarinan rijki,


    sumujud ka Pangeran.

  4. PUPUH DURMA

    (Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget)

    LEMAH CAI

    Nagri urang katelah Indonesia,


    diriksa tur dijaring,


    sumirat komarana,


    berkahna Pancasila,


    ageman eusining nagri,


    yu sauyunan,


    ngawangun lemah cai.

  5. PUPUH GAMBUH

    (Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri)

    KADUHUNG

    Kaduhung sagede gunung,


    kuring sakola teu jucung,


    lalawora resep ulin,


    hanjakal tara ti heula,


    ayeuna kari peurihna.

  6. PUPUH GURISA

    (Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung)

    SI KABAYAN

    Si Kabayan lalamunan,


    pangrasa bisa nyetiran,


    motor atawana sedan,


    poho keur eundeuk-eundeukan,


    na dahan emplad-empladan,


    gujubar kana susukan.

  7. PUPUH JURU DEMUNG

    (Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan)

    ADIGUNG

    Lolobana mungguh jalma,


    embung hina hayang agung,


    hayang hirup mukti,


    tapina embung tarekah,


    tinangtu mo bakal nanjung.

  8. PUPUH KINANTI

    (Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)

    KANYAAH INDUNG

    Kanyaah indung mo suwung,


    lir jaladri tanpa tepi,


    lir gunung tanpa tutugan,


    asihna teuing ku wening,


    putra teh didama-dama,


    dianggo pupunden ati.

  9. PUPUH LAMBANG

    (Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun)

    WAWANGSALAN

    Dialajar wawangsalan,


    saperti tatarucingan,


    cik naon atuh maksudna,


    teangan naon wangsalna,


    gedong ngambang di sagara,


    ulah kapalang diajar,


    keuyeup gede di lautan,


    kapitineung salawasna.

  10. PUPUH LADRANG

    (Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran)

    MOKAHAAN

    Aya hiji anak bangkong leutik,


    mokahaan,


    maksudna ngelehkeun sapi,


    nahan napas antukna bitu beuteungna.

  11. PUPUH MAGATRU

    (Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan)

    KASAR - LEMES

    Dupi irung lemesna teh nya pangambung,


    pipi mah disebat damis,


    upami buuk mah rambut,


    ceuli sok disebat cepil,


    kasarna angkeut mah gado.

  12. PUPUH MASKUMAMBANG

    (Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate)

    BUDAK JAIL

    Anak manuk dikatepel budak jail,


    jangjangna getihan,


    rek hiber teu bisa usik,


    duh manusa kaniaya.

  13. PUPUH MIJIL

    (Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan)

    NUNGTUT ELMU

    Najan cicing nya di tepiswiring,


    kade ulah bodo,


    kudu tetep nungtut elmu bae,


    sabab jalma nu loba pangarti,


    hirup tangtu hurip,


    mulus tur rahayu.

  14. PUPUH PANGKUR

    (Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat)

    KA SAKOLA

    Seja miang ka sakola,


    rek diajar nambahan elmu pangarti,


    pigeusaneun bekel hirup,


    sabab mungguhing manusa,


    kudu pinter beunghar ku elmu panemu,


    komo jaman pangwangunan,


    urang kudu singkil bakti.

  15. PUPUH PUCUNG

    (Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hate)

    TATAKRAMA

    Mangka inget tatakrama sopan santun,


    tanda jalma iman,


    nyarita jeung amis budi,


    da basa mah lain barang anu mahal.

  16. PUPUH WIRANGRONG

    (Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan)

    SIEUN DORAKA

    Kuring moal deui-deui,


    gaduh panata nu awon,


    ngabantah nu jadi indung,


    sieun dibendon ku Gusti,


    kawas Dalem Boncel tea,


    doraka ti ibu-rama.

  17. PUPUH SINOM

    (Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh)

    TATAR SUNDA

    Tatar Sunda estu endah,


    lemah cai awit jadi,


    sarakan asal gumelar,


    amanat Ilahi Robbi,


    titipan nini aki,


    wajib dijaga dijungjung,


    basa katut budayana,


    padumukna luhung budi,


    insya-Allah tatar Sunda karta harja.

Gapuraning Gusti, 1992.

Rumpaka Pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti, Sinom Tina Buku Wulang Krama karya Drs. R.H. Hidayat Suryalaga.

0 komentar:

Posting Komentar

 

Hari, Tanggal, Bulan dan Tahun